Kacaturkeun di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.
Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér, tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.
Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.
Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wanara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.
Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.
Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.
Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.
Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.
Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.
Ku kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.
Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.
Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.
Tina Pangajaran Sastra Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah
[alert style=”white”]referensi: ciamismanis.com[/alert]
ka makasih ya ..
dongeng yg d tulis ka2 bsa bntuin ak ngerjain tugas .. s’moga ilmu yg bermanfaat nie jdi pahala bwat ka2 .. 😀
Iya ade sama-sama 😀
sering Ke Ciung Wanara baru tau sekarang sejarahnya haturnuhun.
Makasih ya udah nge-share cerita ini.
e6kmh
ssiip
bagus
bagus
waw hebat yakh ciamis………
Alhmdulillah situs purbakala ciung wanara ada di kampung saya tepatnya di desa Karangkamulyan, ciung artinya burung wanara artinya kera_: dan sekarang situs purbakala ciung wanara menjadi keistimewaan tatar galuh ciamis setelah lepas nya pangandaran menjadi kab baru….
nuhun
nuhun pisan tos ngabantos ngerjaken tugass 😀
sae tpi pnjg psan jd canngkel nyerat
Sipp ahhh mantap
Sipp ahhh mantap
Sipp ahhh mantap
aduh panjang teing caritana jadi cangkel weh nyeratna 🙂 😀
sae gan,, sumping oge ka swdinside.blogspot.com ti ciamis oge hee
Ijin Copy kang, Hatur Nuhun
mangga ..
VERSI LAIN :
Prabu manaran (ciung wanara) nyaeta putrana prabu pramana adikusuma + dewi naga ningrum. teras prabu pramana diangkat janten Raja Galuh ku Prabu Sanjaya nu waktos harita janten Raja SUnda. Supados aya keterikatan antawis kerajaan galuh sareng kerajaan sunda, Prabu Pramana Adikusuma dinikahkeun ka putrina Patih Kerajaan Sunda nyaeta Dewi Pangreyep. Prabu Sanjaya ngangkat putrana nyaeta Prabu temparan janten Patih di Karajaan Galuh. siasat Prabu sanjaya nempatkeun Prabu Temparan di Karajaan Galuh kanggo ngamata-mata Prabu Pramana Adikusuma. Anjeuna hawatir, kumargi akina Prabu Pramana Adikusuma kantos dibunuh ku Prabu Sanjaya.
kalamian dikarajaan galuh, Prabu Pramana Adikusuma ngaraos teu nyaman hoyong milari kateunangan janten Resi ninggalkeun istri sareng karajaan, saterasna pamarentahan karajaan Galuh dipasrahkeun ka Patih Prabu Temparan.
Lami dikantun, Patih Prabu Temparan ngadeukeutan Dewi Pangreyep nu akhirna kagungan Putra namina Hariang Banga. sieun ka tohyan ku Prabu Pramana Adikusuma, Patih Prabu Temparan miwarang prajurit ngabunuh Prabu Pramana Adikusuma. saterasna Patih Prabu Temparan ngutus deui Prajurit kanggo ngabunuh Prajurit nu tos ngabunuh Prabu Pramana Adikusuma. ieu dilakukan supados kalakuan Prabu Temparan te aya nu uningaeun.
ki buyut balagantrang nyaeta Resi nu hoyong karajaan galuh direbut deui janten milik Prabu Manaran (ciung wanara).ki buyut balagantrang nyumpingan Prabu Manaran teras nyiapkeun siasat supados Prabu Manaran ngiringan sabung ayam. Prabu Manaran kagungan peliharaan hayam jago nu kuat reng hebat pamasihan ti ki buyut balagantrang.
Prabu Temparan saleresna uningaeun kahebatan hayam jago kagungan Prabu Manaran, tapi rasa sombong jeng angkuh anjeunna tetep hayang ngadukeun hayamna jeng hayam kagungan Prabu Manaran.akhirna hayam Prabu Temparan eleh ku hayam kagungan Prabu Manaran dugi ka paehna.
Prabu Temparan kantos nyebatkeun, sing saha wae nu ngelehkeun hayamna nepi ka paeh, maka karajaan Galuh rek dipasrahkeun.
luyu jeng jangjina akhirna kerajaan Galuh dipasrahkeun ka Prabu Manaran (ciung wanara). Prabu Hariang Banga (hasil perselingkuhan Prabu Temparan + Dewi Pangreyep) te narima kaputusan eta. anjeuna ngarasa boga hak dikarajaan galuh.
selisih paham dua kubu bisa dilerai ku resi nu asalna ti paguyuban galunggung. akhirna diputuskeun jeng saluyu wirehna karajaan galuh jadi milik Prabu Manaran, sedengkeun karajaan sunda jadi milik Prabu Hariang Banga.
Prabu Manaran (ciung wanara) jadi Raja di Karajaan Galuh 40 tahun. anjeunna te kagungan garwa atanapi putra. saterasna anjeuna milu jejak bapana Prabu Pramana Adikusuma, neangan katenangan jadi resi ninggalkeun karajaan.
(versi : acara dua dunia, supranatural Hakim Bawazier)