Nyukcruk Galur Batu Susun

Nyukcruk Galur Batu Susun

Girimis mimiti miripis  sabada lengkah nyukcruk jalan satapak di lamping pasir Cingacung nu aya di tapel wates Desa Cikupa jeung Desa Talagasari Kecamatan Lumbung Ciamis. Najan wanci can manjing ka burit tapi panonpoe bangun teu walakaya nyingraykeun halimun nu ngubeng sabudeureun lengkob jeung lamping Gunung Sawal.  Ngapruyna hujan nambahan leueur jalan taneuh nu keur disorang, mangkaning lalampahan teh kaitung jauh kenehbarikudu ngaliwatan dua pupudunan anu kacida nutugna. Can deui kudu meuntas Walungan Rompe nu caina keur meumeujeuhna caah. Aya eta ge rawayan tina awi, ngan tempatna jauh kacida. Kudu muter heula,  jarakna dua kalieun rute nu keur di papay. Wegah ari kudu muter mah. Babaku na mah geus teu sabar hayang geura nepi kana tujuan, nempo Batu Susun tea.

Ngeunaan ayana Batu Susun dibejaan ku ki Sobat. Cenah di lemburna aya lamping batu anu susunan batuna jiga nu meunang ngatur. Boh tumpukanana atawa bentukna. Da mun disidik-sidik mah siga rupa wangunan. Malahan mah jiga aya lawang panto sagala.  Tina beja Ki Sobat eta, teu talangke deui gancang disusud lebah-lebahna. Rada singkil teh pedah we Desa Cikupa teh masih di wewengkon Kacamatan Lumbung, teu jauh ti lembur kuring. Desa Cikupa aya di tutugan Gunung Sawal. Kaasup desa pangluhurna jeung pangjauhna di Kacamatan Lumbung mah. Samemehna, Cikupa asup ka Kacamatan Kawali ngan saprak aya pamekaran, kaereh ka Kacamatan Lumbung Najan kitu, teu hese mun rek ulin ka Cikupa . Salian jalanna geus diaspal, kendaraan nu ngajugjug wewengkon eta kaitung mindeng. Nu pang cepetna mah iwal ti kana ojeg. Da ari angkot mah nyampakna teu saban wayah .

Nu disebut angkot teh sabenerna mah mobil kolbak malah sok dilandi “parahu dayung”. Eta meureun pedah posisi diuk penumpangna jiga nu keur ngadarayung. Ngetemna di jalan Ciempu wetaneun alun-alun Kawali. Tapi mun nanyakeun Batu Susun di Kawali atawa di Lumbung, jigana teu pati arapaleun. Da urang Cikupa na oge teu kabeh nyaho ngunaan Batu Susun. Kahiji memang teu populer da dianggapna sakadar batu biasa lain tempat pangulinan samodel objek wisata. Kadua tempatna hara-haraeun nenggang ti pilemburan, Katilu folklor anu pakait jeung Batu Susun geus kapopohokeun, kaopatna pikakeueungeun, da cek nu arapal mah didinya teh tempat uka-uka, malah aya nu nyebutkeun puseur karaton jin Gunung Sawal wilayah kaler.

Untungna lebah pupudunan, jalan teh disengked ku semplekan batu. Teu hariwang tisorodot.Barimudun, sakapeungbarinyawang ka lamping Cingacung, mun euweuh halimun tangtu pamandangan teh kacida endahna. Najan teu pati jelas, samar-samar katempo runggunuk tatangkalan dina lamping batu. Anjog di sisi Walungan Rompe bingung neangan cara pimeuntaseun. Untungna walungan teh teu pati rubak jeung loba batu badagna tingjalugrug. Najan keur gede cai  cek ijiran mah bisa keneh dipeuntasan.Barimapay sisi walungan neangan tempat nu rada kerep batuna  katingal aya hiji batu nu bentukna mahiwal ti nu sejen. Jangkungna aya setengah meter, bentukna selinder mintul,  ayana di peuntaseun walungan

Teu kacaturkeun kumaha elekesekengna meuntas walungan, luncat ti batu ka batu,  sababarah kali tisoledat rek tigejebur. Untung we, jurus kunyuk ladang diajar keur budak ti  Bah Ano napel keneh, najan teu hatam guguruna, ari sakadar ujlang-ajleng mah teu weleh nepi ka peuntas . Ditengetan deui batu teh, tetela kaciri pisan bedana. Boa-boa nu disebut menhir tea meureun. Ngan biasana ari menhir mahtarajauh ti dolmen, ngan hanjakal batu nu ngaharib-harib dolmen mah teu kapanggih bakat ku loba teuing, antukna hese nangtukeunana. Bisa wae dolmen nu tadina deuket jeung menhir teh geus robah posisina, palid atawa kaisedkeun mangsa usum caah cai.

Ti sisi walungan Rompe lamping anu disebut Batu Susun mimiti kaciri najan bentukna mah can pati eces. Babaku na mah kahalangan ku Tangkal Dahu badag nu dahana ngroyom. Antara Batu Susun jeung Walungan Rompe di pisah ku pasawahan. Harita kabeneran keur usum tandur.  Tegalan sawah ge kaciri anyar meunang neplok ku leutak. Antukna  nyampeurkeun Batu Susun ge nyeker bebelekesekan. Baringatur lengkah sangkan teu nincakan binih suuk jeung jagong,  karasa yen tempat ieu  boga kaistimewaan. Lahan pasawahan teh digendeng ku lamping pasir nu lumayan luhurna, di tengahna Walungan Rompe, lebah hulu walungan diwates ku jajaran pasir Gunung Sawal. Mun di ibaratkeun mah lokasi Batu Susun teh jiga bentuk  sapatu kuda. Lian ti kitu ampir kabeh galengan sawah nu aya di sabudereun Batu Susun di balay tina tumpukan batu. Sawah nu rada anggang jeung deukuet ka Walungan Rompe, dibalay ku batu walungan. Sedengakeun nu deukeut kana Batu Susun balayna make sesesemplekan batu sirap meunang mulungan ti Batu Susun.

Can Ka Susud Sajarahna

Batu Susun bisa disebutkeun fenomena alam anu masih kalimpudan ku misteri.  Kaayaanana salila ieu can ka guar ku media informasi, komo deui ku penelitian sajarah mah. Padahal nilik tina bentuk atawa lingkunganana boga sangkaan kuat ngandung ajen sejarah. Batu susun diwangun tina jenis batuan sirap. Kontruksi batu nu mangrupakaeun lawang nepi ka tihang tungtung, panjangna 100 m. sedengkeun jangkungna kira-kira 70 m. di tengah gawir, ngajungkiring tangkal Dahu nu umurna geus ratusan tahun. Kaluhurna mah  katutupan ku taneuh, ngan dina bagean nu longsor kaciri entepan batu nu nyambung jeung bagean handapna.

“ Ti  Kapungkur abdi tos ngaraos hemeng ku ayana Batu Susun ieu. Malih abdi gaduh dugaan yen tempat ieu sanes didamel ku proses alam, nanging aya campur tangan manusa. Mung iraha sareng carana abdi teu terang. Boa-boa di dieu teh kantos ngadeg hiji karajaan “ cek Mamat, salah saurang warga Cikupa nu bubuara ka Ciamis.

Mamat oge nyaritakeun yen kaayaan di ponclot lamping oge masih mangrupa babatuan anu posisina jiga meunang nyusun. Ayana tangkal Dahu oge jadi totonde  sejen, sabab tangkal Dahu ieu ngan hiji-hijina di lelewek dinya. “Panginten ari batu biasa mah bentukna oge teu pararuguh. Ari disebat batu walungan, bentukna oge lalonjong atawa baruleud barina oge saha atuh anu pirajeuneun ngangkutanana? Da ari nu katingal ku abdi,  batu Susun mah bentukna oge  kotak-kotak jiga kenging ngeureutan.”

Cek katerangan sejen ti salah saurang warga Anjung, Desa Selamaya, lembur tatangga desa Cikupa. Netelakeun yen Batu Susun teh disebut oge Batu Meja atawa batu lomari. Taun 1960 tempat eta kaitung sohor pikeun nu jaroh neangan harta banda ku jalan singket, nyaeta muja. Hal eta tumali ayana kapercayaan yen  Batu Susun teh mangrupa tempat neundeun banda kaya  Putri Anjungsari dina legenda Panji Boma nu hirup dikalangan masyarakat Dayeuhluhur Kecamatan Jatinagara, Winduraja Kawali, jeung Panjalu.

Legenda Panji Boma

Dina Babad Panjalu atawa carita ti Dayeuhluhhur nyebutkeun yen Anjungsari teh salah saurang putri ti Karaton Pakuan Pajajaran nu ngungsi ka wilayah Karajaan Panjalu dina mangsa Pajajaran meh runtag di gempur ku pasukan ti Cirebonjeung Banten. Bukti ayana arus pengungsi ti Pakuan Pajajaran ka Kawali jeung Panjalu di catet ku pagawe pamarentah Belanda nu ngarana J.Olivier. Ti Desember 1821 nepi ka taun 1827 manehna ngalanglang kaayaan wilayah-wilayah Priangan jang laporkeuneun ka pusat. Hasil investigasi dicatet dina bukuna anu judulna Tafereelen en merkwaardigheden uit Oost-Indie (Kajadian-kajadian jeung hal-hal penting ti Hindia Timur)

Harita manehna kungsi nyakseni rupa-rupa parabot jeung barang sejenna anu dibarawa ku nu ngungsi, kaasup diantarana naskah-naskah kuno.  Kawali jeung Panjalu kaasup daerah nu dijugjug sabab aya hubungan historis nu raket antara Pajajaran jeung Karajaan Kawali. Baheulana Kawali mangrupakeun Karajaan luluhur Pajajaran.  Sang Pamanah Rasa atawa Sri Baduga Maharaja Ratu Haji di Pakuan Pajajaran anu katelah Prabu Siliwangi, keur leutikna cicing di Kawali kalayan di asuh ku akina, Prabu Niskala Wastu Kancana anu ngahyang di Nusalarang, Situ Lengkong Panjalu. (Sang Lumahing Nusalarang). Jadi kaharti mun arus pengungsi ti Pajajaran sabagean lumpat ka Wilayah Kawali jeung Panjalu.

Harita kakawasaan di Kawali dicepeng ku raja wilayah anu katelah Maharaja Sakti atawa Maharaja Kawali. Ngeunaan tokoh ieu identitas anu sabenerna can kaungkap sagemblengna. Ngan cek kuncen Karamat Panaekan Dayeuhluhur Jatinagara, Maharaja Sakti teh raina Panji Boma anu jadi raja wilayah di Dayeuhluhur. Maharaja Sakti jeung Panji Boma teh pada-pada mikabogoh Putri Anjungsari anu nganjrek di Karajaan Panjalu. Kusabab kitu, nya Raja Panjalu nyieun saembara anu eusina yen dua raja eta kudu paheula-heula nepi ka Panjalu dina waktu nu geus ditangtukeun.

Panji Boma jeung Maharaja Sakti dua raja nu kawentar sakti jeung gagah. Ngan Maharaja sakti mah leuwih pinter. Pas dina waktuna saembara. Panji Boma mah ngapung naek kana sintung kalapa sedengkeun Maharaja Sakti ku kapinteranana nyumput dina pesak baju kere Panji Bomabariteu kanyahoan kunu bogana. Memeh nepi ka Panjalu, Panji Boma ngarasa hanaang, nya anjeuna lungsur heula neangan cai nginum. Ku sabab suwung, baju kere na di kepretkeun kana gawir. Ti dinya kaluar cinyusu anu mingkin lila mingkin ngabadagan. Tempat eta kiwari jadi Situ Ciater, jarakna 500 meter ti Situ Lengkong Panjalu.

Samemeh Baju Kere Panji Boma di kepretkeun, Maharaja Sakti nu nyumput na pesakna, gancang kaluarbarituluy mesat muru Karaton Panjalu,  jadi nu pangheulana nepi sakaligus jadi pinunjul dina saembara eta. Kalayan jembar Panji Boma narima eleh. Singket carita, sanggeus rengse babadamian nangtukeun waktu jatukrami, duanana mulang babarengan. Palebah lembur anu ayeuna katelah Selamaya, Maharaja Sakti nyaritakeun  lalakon manehna nyumput dina Baju Kere. Kusabab ngadongengna semu moyok, lila-lia Panji Boma ngarasa ambek. Keur mah teu hasil meunangkeun mojang kameumeutna,  katambah-tambah hayoh wae di gonjakan ku Maharaja sakti, antukna jadi amarah badag.

Tina heureuy, jadi parea-rea omong, manjang kana pasea, tungtungna der garelut. Sarwa pada sakti jeung gagah. Ngan lila-lia Maharaja Sakti kadeseh sabada Panji Boma mesat pedang pusakana. Lebah dinya titis tulis nasib Maharaja Sakti nepi na waktuna, sirahna ditugel ku pedang Panji Boma dugi ka papisah jeung awakna. Ahengna, awak Maharaja sakti langsung ngaleungit. Sedengkeun sirahna mah ngagoler. Hanjakal mah memangtaratiheula, ningali adina binasa ku polahna sorangan, Panji Boma ngarasa sedih liwat saking. Sirah maharaja Sakti gancang di pulasara di bawa ka Dayeuh Luhur. Sapanjang jalan, getih ngareclakan kana taneuh nu diliwatan. Tempat eta kiwari katelah Taneuh Beureum. Lokasina sisieun walungan Cimuntur nu jadi tapel wates Kacamatan Kawali jeung Kacamatan Jatinagara.

Sedengkeun sirah Maharaja Sakti robih janten Arca atawa disebutna batu Sirah Maharaja Sakti. Nepi ka taun 1980-an, sirah arca ieu masih aya keneh di Karamat Panaekan ngan kabehdieunakeun leungit aya nu maling. Ngeunaan hal eta dijentrekeun ku Muhidin (70 th) kuncen Karamat Panaekan “Malihan mah sanes batu sirah Maharaja Sakti waenu ical teh  nanging sareng, punten- Batu Kokontolan, Batu Lawang gada, Batu Papatih jeung  hiji batu mionir. Ical na teh enjing-enjing tabuh dalapan. Saur nu ningal mah  ditaekeun kana mobil carry bodas.  Kiwari  di karamat teh kantun 3 siki batu mionir sareng 3 gundukan batu.” Kitu oge pedang panjang jeung baju kere Panji Boma leungit sabada diinjeum ku salah saurang warga masyarakat Dayeuhluhur.

Maotna Maharaja Sakti di bewarakaeun ka karajaan Panjalu anu aya di wewengkon Gunung Sawal. Padahal poe isukna ninggang dina wanci hajat pangantenan. Teu kacatur kumaha riweuhna kaayaan harita. Mangkaning ondangan geus nyebar kamana-mana. Kacida wirangna mun nepi ka bolay teh. Antukna Raja Panjalu menta pertanggungjawaban Panji Boma sangkan daek ngaganti Maharaja Sakti jadi panganten. Nya disanggupan ku Panji Boma. Ngan raja Panjalu menta sarat sangkan rombongan Panji Boma ulah telat datang ka Panjalu. Sarat eta oge disanggupan ku Panji Boma malah make jangji sagala anu eusina “ mun kuring telat datang ka Panjalu, kajeun teuing bolay teu jadi kawin”

Kulawarga Karajaan Dayeuh luhur gancang tatahar. Nyiapkeun Bebekelan jeung harta banda seserahan. Hal eta tibalik jeung kaayaan di Karajaan Kawali anu masih keneh kalimpudan kasedih saprak pupusna Maharaja Sakti. Untung we, lantaran kawijaksanaan para sesepuh ti dua karajaan, tragedi nu tumiba ka Maharaja Sakti henteu manjang jadi peperangan. Sabab salian ti masih keneh padudulur, kajadian eta murni insiden nu teu kahaja, jeung sifatna pribadi teu mamawa ngaran karajaan.

Kacaturkrun rombongan geus siap. Harita wanci geus reup-reupan. Nu ngabringkeun teu kaitung lobana. Panghareupna prajurit Karajaan salian saged mawa pakarang jang jaga-jaga di jalan, oge mawa oncor jang nyaangan jalan. Barisan kadua kulawadet karajaan ngaping Panji Boma ditumbu ku barisan nu ngarangkut harta seserahan panganten bareng jeung rahayat rek milu nyakseni. Barisan pamungkas di kawal ku barisan Prajurit karajaan. Abringan teh ngaleut-ngaleut ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Peuting baranang ku cahaya oncor, tingkaretipna jiga sisit naga. Kitu mun di wawas mah.

Sanggeus ngaliwatan Winduraja, rombongan mimiti mandeg mayong. Aya kaanehan nu karasa ku nu naranggung barang,  saprak anjog di lelewek urut galungan Panji Boma jeung Maharaja sakti. Barang-barang nu di bawana mingkin karasa beurat. Nepi ka tungtungna rombongan teh eureun da nu maranggul jeung nu naranggung ting jaloprak teu kuat mawa babawaanana. Najan barang sagede peureup oge karasa puluhan kati beuratna.  Sagala cara pikeun ngungkulan masalah eta di kerahkeunkeun, kokolot karajaan hantem mapatkeun jampe panyinglar jurig. Saban nu apal kana jangjawokan teu eleh deet milu tinggerendeng. Tetela kabeh ge teu hasil. Angger teu kaangkat. Kitu deui basa Panji Boma nyoba-nyoba ngangkat barang,baringetrukeun kasaktenna, kalah kah gogobrot kesang, barang-barang teh teu ongget-ongget bangun aya nu maseuk kuat kacida.   Anehna hiji ge diantara rombongan euweuh nu inget kana kajadian galungana Panji Boma jeung Mahara Sakti. Justru lebah dinya teh, tempat ngaleungitna raga Maharaja Sakti. Engkena tempat eta katelahna Selamaya (Sela = ngahalangan, maya=samar).

Lajuning carita. Kusabab muru waktu sangkan ulah kabeurangan, tungtungna harta seserahan teh ditinggalkeun, ku jalan dirungkupan ku taneuh. Bakat ku loba teuing, gundukan taneuh teh jadi mangrupa pasir leutik anu disebut Anjung.  Di tempat eta boga kaahengan nyaeta nepi ka kiwaritaraaya pepelakan atawa tatangkalan nu jadi,  iwal ti jukut. Ti baheula nepi ka ayeuna angger kitu. Panji Boma neundeun batu badag sabage tanda yen didinya aya harta pendeman manehna.  Ngan hanjakal lalampahan teh kaburu kapegat ku sarangenge  padahal karaton Panjalu jauh keneh. Antukna Panji Boma teu nuluykeun maksudna, ngan angger ari nepungan Raja Panjalu mah dipentingkeun pikeun sasadu. Ku Panji Boma di dongengkeun ngeunaan halangan harungan nu karandapan ku rombonganana.

Raja Panjalu nu weruh disemuna dijelaskeun yen nu nyababkeun    barang-barang jadi beurat teu bisa diangkat teh lantaran, kahalangan ku raga gaib Maharaja sakti nu teu rido Anjungsari rerendengan jeung Panji Boma. Sabab sabenerna Anjungsari teh samemehna  geus bobogohan jeung Maharaja Sakti ti jaman keur di Pajajaran keneh ngan hubunganana rerencepan.  Jadi teu aneh mun Anjungsari ngungsina ka wewengkon Panjalu, henteu milu jeung rombongan sejen nu ngungsi ka Pulasari Pandeglang. Tangtu tujuanana pikeun ngadeukeutan Maharaja Sakti anu dibenum jadi raja wilayah  Kawali.

Panji Boma teu apaleun kana love story na Maharaja Sakti, da mun apal mah moal maksakeun bogoh komo deui milu saembara mah. Sedengkeun pikeun Maharaja Sakti ayana saembara eta jadi jalan pikeun ngaresmikeun hubunganana, sabab harita Anjugsari keur kakandungan. Naha atuh henteu kawin ti baheula ? samemeh kajadian panji Boma tepung jeung Anjungsari,  jigana aya hiji rahasia anu nyimbutan Anjungsari basa nganjrek di Pajajaran nu nyababkeun hubunganana jeung Maharaja Sakti teu wani terang-terangan alias backstreet. Mungkin wae Anjungsari teh geus dijodokeun kanu sejen, atawa Anjungsari teh salah sahiji selir pangawasa Pajajaran harita.

Sakadar keur ngabanding-banding, aya katerangan meunang nyutat tina buku Sejarah Jawa Barat kenging  Drs. Yoseph Iskandar nyaeta dina mangsa Pajajaran Sirna Ing Bumi. Didinya dijelaskeun sabada Sang ratu Dewata pupus teras digentos ku putrana anu jenenganana Ratu Sakti dina taun 1551 M. Ratu Sakti nyaeta raja Pajajaran nu kaopat nu boga sifat kejem jeung telenges. Kalakuanana sakadaek sakahayang teu malire kana etika nagara. Rahayat nu teu dosa rea nu dipaehanbaridirampas harta bandana kalayan euweuh kaera. Ka kolot teu teu babakti, ka pandeta teu ngahormat. Ratu Sakti oge kungsi ngarebut “rara hulanjar” atawa mojang nu geus tunangan. Puncak ka teu etisanana nyaeta basa anjeuna ngawin indung terena nu geus jadi rangda.

Tah kusabab kalakuanana goreng kabina-bina antukna Ratu Sakti diturunkeun tahtana taun  1551 M. Ngan ti saprak turun tahta teu kacaturkeun lalampahan Ratu Sakti teh.Nahamanehna dipiceun ?  dipaehan ? atawa ngan ukur diturunkeun  pangkatna. Misalna jadi penguasa wilayah satingkat adipati ? taya nu nyaho. Ngan mun di jiga-jiga mah boa-boa Ratu Sakti teh Maharaja Sakti tea. Sedengkeun Anjungsari leuwih merenah disaruakeun jeung rara hulanjar tea. Meureun eta ge. Sabab tokoh-tokoh eta hirup dina dua alam. Lalakon Ratu Sakti hirup dina alam sajarah nu geus kasusud, sedengkeun Maharaja Sakti, Panji Boma jeung Anjungsari hirup na alam legenda anu can nepi disebut sajarah.

Balik deui kana lalakon Panji Boma. Sabada rengse nguping katerangan ti Raja Panjalu,  Panji Boma mulang deui ka Dayeuhluhur. Ngan tisaprak harita Panji Boma ngecagkeun  kalungguhanana salaku raja. Anjeuna ngisat diri, ngalalana pikeun ngasah jiwa jeung ragana sangkan leuwih asak. Panji Boma di kurebkeun di Dayeuhluhur nu aya di Jawa Tengah. Sabenerna lalakon Panji Boma aya buku babadna. Ngan hanjakal buku eta leungit taun 1980-an. “ Panjang sareng rame. Tilu dinten nembe tamat, harita abdi oge nuju budak keneh.” Cek Muhidin nu kungsi ngadangukeun eusi carita Babad Panji Boma  ti Mahmudin bapana. Hanjakal lalakon Panji Boma ti Muhidin teu lengkep sakumaha eusi bukuna. Muhidin semet nyaritakeun gurat badagna wungkulbari sapotong-sapotong.

Sedengkeun sumber sejenna aya dina carita Galur Panjalu, eta ge ngan saukur pancakaki dina silsilah Arya Sacanata. Disebutkeun yen Arya Sacanata teh putra  Dipati Natabaya anu nikah jeung Apun Emas. Ari Apun Emas teh nyaeta putra Maharaja Kawali jeung Anjungsari. Najan kateranganana ngan sakotret tapi geus mere gambaran  tina perkara raketna hubungan antara Maharaja Sakti jeung Apun Anjung. Sabab dina buku babad Panjalu teu kacaturkeun tokoh nu ngarana Panji Boma. Ti generasi Apun Emas nu dipigarwa ku Dipati Natabaya nepi ka turunan-turunanana ngabogaan silsilah jeung riwayat anu jelas sabab rata-rata nyepeng kalungguhan jadi bupati atawa pangagung penting di kabupaten-kabupeten nu sumebar sa tatar sunda.

Karaton nu Can Rengse

Di sabudeureun Batu Susun kurang leuwih aya opat karamat anu lokasina teu pati pajauh. Nyaeta Karamat Buyut Landung Sataun, Karamat Buyut Gangsa, Karamat Astana Ageung, jeung Karamat Pasarean. Diantara opat karamat eta nu dianggap boga pangaruh keur warga Cikupa nyaeta Karamat Astana Ageung. Tokoh Buyut Landung Sataun jeung Buyut Gangsa Margadipa mangrupakeun Tokoh ulama Islam nu gede jasana dina nyebarkeun Agama Islam di wewengkon Sikahurip, Cigintung jeung Cikupa. Sedengkeun Karamat Pasarean nyaeta sumber cai nu dipercaya ku sawareh warga ngandung kakuatan magis. Cek beja mah didinya teh sayangna oray sabab loba liang cai di sabudeureunana. Caina di kamalirkeun pikeun nyaian pasawahan jeung dipake kabutuhan sapopoe ku masyarakat.

Riwayat Karamat Astana Ageung mah masih keneh napel na ingetan kuncenna nyaeta Abah Sopandi (80 th). Anjeuna geus 18 tahun ngarawat Astana Ageung. “ Karamat Astana Ageung mangrupa komplek pamakaman kuno to abad 14. jumlah makamna aya kana 12 tetengger. Tokoh nu boga peran utama ayana dina jero wangunan anu katelahna Eyang Mandala Pandita Sakti jeung Putri Geulis Sapoe. Duaanana asalna ti Pajajaran masih keneh rerehai Prabu Siliwangi. Waktos sumping ka Cikupa diiring-iring ku 40 ponggawa. Sedengkeun Putri Geulis Sapoe di aping ku 2 emban anu jenenganana Nawangwulan sareng Nawangsari. Sumpingna ka daerah dieu teh ngungsi margi harita Cirebon nuju ngagempur Pajajaran.”  Cek Abah Sopandi. Malahan mah Abah Sopandi oge nyebutkeun ngaran raja anu ngawasa Karajaan Panjalu nyaeta Prabu Cakradewa anu puseur pamarentahanana aya di wewengkon Gunung Sawal.

Jigana ngaran Eyang Mandala Pandita Sakti jeung Putri Geulis Sapoe teh lain ngaran sabenerna, saukur gelaran atawa lalandian wungkul. Eyang Mandala Pandita sakti nepi ka danget ieu can kakoreh saha-sahana. Ngan ari Putri Geulis Sapoe mah bisa di jentrekeun ku katerangan ti salah saurang kokolot di lembur Cigintung (samemeh Cikupa). Cenah mah Putri Geulis Sapoe teh nyaeta calon panganten istri anu teu janten nikah. “ Disebut geulis sapoe teh pedah anjeuna dina poe eta didangdanan sageulis-geulisna pikeun ditikahkeun. Ngan hanjakal panganten pamegetna teu sumping alatan kamusibahan.” Cek eta kolot nu ngarana embung ditulis.

Nilik tina katerangan eta jigana Putri Geulis Sapoe teh taya lian ti Anjungsari nu gagal diistrenan alatan Maharaja Sakti kaburu tiwas ku Panji Boma. Sedengkeun batu-batu anu geus mangrupa kontruksi wangunan, atawa Batu Susun tea, bisa jadi eta teh tempat atawa kaputren anu geus disiapkeun ku Maharaja Kawali keur Apun Anjung. Ngan hanca gawena teu dituluykeun da kapegat manten ku ayana musibah. Kitu deui ngeunaan ngaran Walungan Rompe. Nepi ka ayeuna walungan etataradisebut Cirompe sakumaha ilaharna ngaran walungan sejenna (Cimuntur, Citanduy, Cisadane, Ciliwung jrrd), keukeuh  urang Cikupa mah nyebutna Walungan Rompe. Tah, cek kokolot diluhur dijentrekeun ngaran walungan eta dicokot tina kajadian basa Putri Geulis Sapoe malidkeun rampe kembang pangantena awahing ku sedih jeung kuciwa liwat saking. Nya ti harita walungan teh disebut Rompe.

Ti saprak Anjungsari ngalahirkeun Apun Emas, ceunah mah Anjungsari teh pindah ka Selamaya ka lebah wewengkon tempat nguburkeun harta banda Panji Boma nalika rek seserahan tea. Nya maksud na mah meureun rek ngadeukeutan raga gaib kakasihna nyaeta Maharaja Sakti.  Matak ngaran pasir leutik eta disebut Anjung sawatara taun katukang loba masyarakat nu kawenehan ningali putri geulis ngurilingan Pasir Anjung. Nepi ka tungtung taun 1980 mah aya keneh nu sok kawenehan. Ngan saprak tangkal Caringin jeung batu badagna ditugar jang nyieun jalan, geustaraaya nu kawenehan deui.

Cek nu ngawarung peuntaseun Pasir Anjung mah Nyi Putri teh ngalih ka beh wetan. “ Aya kajantenan aheng saprak batu sareng tangkal caringin di tugar, harita taun 80-an, nuju haneut moyan ngadadak aya angin ageung kacida anu asalna ti Anjung maju ka kalerkeun, malihan bumi anu kalangkunganana rata-rata rareksak, tiharita Apunianjung tara aya nu kawenehan ningal, rupina ngalih panginten jalaran batu sareng caringinna di tugar.”

Aya sababaraha mitos jeung kajadian nu raket hubunganana jeung Legenda Panji Boma. Diantarana,  nepi ka taun 80 an, ka Pasir Anjung jeung Batu Susun sok aya nu jaroh nyiar harta kakayaan. Dina mangsa eta keneh, hubungan masyarakat Winduraja Kawali jeung Dayeuhluhur Jatinagara kurang harmonis alatan kajadian gelutna Panji Boma jeung Maharaja Sakti, kaasup mitos nu nyebutkeun yen urang Dayeuh Luhur jeung urang Kawali teu meunang ngajodo kawin, samemeh rawayan awi atawa sasak gantung Cimuntur nu nepungkeun dua daerah eta can jadi sasak tina beton.

Kabehdieunakeun hubungan warga di dua daerah eta raket deui. Jigana, legenda Panji Boma geus meh kapopohokeun utamana ku generasi kiwari, katurug-turug sasak beton geus diwangun kalayan tohaga. Warga Dayeuhluhur (sakumaha dijelaskeun ku Kuncen Muhidin) rata-rata kahirupanana basajan, jarang aya nu nanjung dina masalah kakayaan. Mitos ieu disababkeun harta banda Karajaan Dayeuhluhur geus pindah bageanana ka wewengkon Winduraja nalika  Panji Boma rek  seserahan tea. Wallahu Alam.

Ku PANDU RADEA

[alert style=”white”]referensi: galuh-purba.com[/alert]

Kesenian Tradisional Karinding Nyengsol dari Desa Winduraja Kawali

Kesenian Tradisional Karinding Nyengsol dari Desa Winduraja Kawali

Kesenian Tradisional Karinding Nyengsol dari Desa Winduraja Kawali

[alert style=”white”]foto: Ricky Andriawan Mardjadinata Facebook[/alert]

Lumar-lumar ti Kawali

Lumar-lumar ti Kawali

Bus asup ka situs Astana Gedé. Bras anjog ka tabét leuweung karamat Surawisésa. Jalma-jalma nu tadi gumuruh di luar, jep jarempé bangun kasima ku leuweung nu canéom geueuman. Ukur tingharéwos, silih tuyun silih séréd. Aya hawa nu nyaksrak saawak-awak. Asa cunduk ka bihari. Asa aya nu narangtung tanpa wujud. Nareuteup ngabagéakeun, di lebah saung-saung Cungkup nu hening jarempling. Nu apal mah tangtu moal bireuk deui. Terang lebah-lebahna. Tah, lebah dinya aya Linggabingba atawa Batu Panyandaan. Lebah ditu Linggahiang, Batu Eunteung, Batu Palinggih, Batu Tapak jeung Batu Prasasti. Kabéh minangka titinggal, nu jejem nyidem sajarah.

Ka dinya digiringna ku panitia, ratusan jalma nu rék milu ‘nyiar lumar’ téh, ka puseur tabét nu dilingkung batu-batu buhun. Dua acara poko digelar di dinya, Tawasulan jeung Maca Fiksimini dina tempat anu misah, rada paanggang. Tawasulan minangka adat tatali paranti, sanduk-sanduk ka karuhun nu sumaré di Astana Gedé, sangkan pamaksudan lungsur-langsar.

Di tengah jalan pantia méré isarah, misahkeun rombongan. Réngréngan fikminer ti Bandung mah tuluy dipéngkolkeun, sina langsung ngajugjug panggung nu husus disadiakeun ku pantia pikeun acara maca fiksimini. Jog ka hiji lahan. Bréh panggung agréng pisan. Panggung kai nu undak-undakan, diréka pohara artistikna. Lével undakna dibungkus ku kaén satén, semu ngempur ngaborélak. Dina latar tukangna, kénca-katuhu, aya gugunungan sarua tina kaén satén. Ngahapit lampion nu ngagantung di béh tengah. Aya kaén beureum dua kebat. Aya obor, lilin beureum, jeung damar-damar duwegan nu harurung di panggung jeung sakurilingna. Komaraan. Dangiangan. Panggung pangistiméwana ceuk uing mah, tina sakabéh panggung nu aya dina Nyiar Lumar ayeuna.

Balaréa nu haladir hémpak dariuk hareupeun panggung. Sawaréh narangtung di gigir, kénca-katuhu. Rempeg pisan, malah rada pasesedek. Awor antara para pangarang fikmin jeung tatamu nu rék ngadon lalajo. Loba di antarana para mahasiswa ti fakultas sastra nu haladir téh, para seniman, aktivis téater, jeung wartawan. Ari ti kalangan sastrawan, nu minangka kawilang senior, salian ti Kang Godi Suwarna téh aya Kang H.Usép Romli HM deuih, pangarang anu kakara kaayeunakeun kataji milu nulis fiksimini. Kaméra vidéo geus sayaga deukeut panggung. Ti Radar TV jeung Galuh TV cenah nu ngahaja ngaliput. Tegep, cek haté, ieu acara bakal aya dokuméntasina. Ukur saratus urang kira-kira para fikminer nu hadir bisa nyaksian éta acara. Tapi dokuméntasina bakal bisa dilalajoanan ku 2.953 anggota FBS jeung nu liana.

Maca fikmin can prung dimimitian. Aya haréwos ti panitia, majar kudu nunggu réngsé heula nu tawasul. Panggung kosong, tapi angger dangiangan. Damar renclang, hurung tinggalebur ngaliarkeun haseup hideung. Kalacat Kang Uyuh ka panggung, mawa rebab, suling, jeung tarompét. Teu apal naha diharéwosan ku pantia atawa caang haté baé, hayang ngahirupkeun suasana. Nu puguh barang kadéngé sada rebab melas-melis, kaayaan sabudeur panggung ahéng naker karasana. Nu ngarebab ngeluk tungkul. Kang Uyuh. Bangun ngemat sora lawas nu ngagelik lalaunan. Sora buhun nu nyérését ti dasaring batin. Aeu-aeu…dina lelembutan uing bet asa ngadéngé sora beluk ngalanglaung ti jauhna, biheung ti lebah mana.

Keur kitu jol saabringan panitia nu dijarubah bodas cunduk, tas tawasulan. Jen nu nyekel iteuk Kembang Cakra nangtung rada anggang ti panggung. Ka dinya uing mah nénjo téh, ka palebah kembang cakra. Asa teu seubeuh neges-neges. Wangunna buleud maké eluk kembang sahinasna, bodas nyacas, di tengahna aya tanda cakra. Kawas eunteung disidik-sidik mah. Eunteung ti bihari nu jadi pangeunteungan kiwari. Paeunteung-eunteung di dieu. Bihari jeung kiwari. Rét deui uing kana kembang cakra, lambang kaagungan Nagri Galuh, rét ka panggung keur macakeun fiksimini, bet tuluy inget kana komén Kang Tatang Sumarsono, “sina pateungteung antara bihari jeung kiwari” cenah. Hanjakal Kang Tatang bet teu nyaksian kaayaan ayeuna, cek haté. Di dieu di tempat karamat, nu dilingkung Linggahiang jeung Batu Eunteung, tempat reureuh Prabu Linggabuana jeung Putri Citraresmi, rék dibacakeun fiksimini. Rék disorakeun wangun anyar sastra Sunda nu keur melentis laun-laun, rék hirup ngigelan abad kiwari.

Henteu ukur dilataran ku tempat karamat. Saméméh prung maca fiksimini, aya pedaran sajarah Galuh jeung peristiwa Perang Bubat. Pa Daday nu ngaguarna, sesepuh urang dinya, kuwu manten di Kawali. Kaasup acara poko dina saban Nyiar Lumar medar sajarah Galuh téh. Nu dipalar sangkan nu cunduk ka situs henteu ukur nénjo batu tingjarentul. Nanging terang kumaha lalakon baheula. Sajarah nu natrat tur aya tapakna dina batu prasasti: “Nihan tapa kawali nu siya mulya tapa bagya. Prébu Raja Wastu mangadeg di kuta kawali nu mahayu na kadatuan Surawisésa. Nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sagala désa. Aya ma nu pandeuri pakéna gawé rahayu, pakeun heubeul jaya di buana.” Ti dinya mata holangna, tina aksara nu natrat dina Prasasti Kawali, pedaran Pa Daday téh. Henteu papanjangan, diala tingkesna baé. Nyaritakeun Prabu Wastu Kancana nu ngaheuyeuk Nagri Galuh, sanggeus ramana Prabu Linggabuana, Citaresmi, jeung para prajuritna tariwas di tegalan Bubat. “Tah lebah dinya lebu sucina dipendem. Maranéhna tiwas nandonkeun raga, pikeun mélaan kahormatan nagri Sunda.” Pa Daday mungkas pedaran. Deg aya nu neumbag kana angen.

Kalacat Dadan Sutisna ka panggung. Kang Wawan Husin nu ti barang jol lir kasima ku hawa panggung, kaciri bangun kebek rarasaan. Leuleumpangan. Sut ngadurukan kertas. Gur seuneu dina kertas, digigiwing. Ang Abu Ainun ngajanteng bari memener fokus kaméra. Hareupeun panggung, Kang Godi, Kang Usép Romli, Kang Entjép Sunardi, jeung para fikminer séjénna geus dariuk saregep. Ngong Dadan, muka jeung ngajejeran acara. Teu papanjangan. Nétélakeun naon ari fiksimini sabéngbatan, tuluy nataan saha-sahana nu rék midang maraca fikmin di panggung. Yuséf Muldiyana nu dihaturan pangheulana. Ngahaja, kitu badami ti anggalna, sangkan aya daya tarik keur nu nongton. Ang Yusép aktor téater sohor, matak deungdeuleueun basa harita ngajeprut maca fikmin di YPK. Enya baé ngalacat ka panggung téh matak colohok nu nénjo. Papakéan tegep naker. Maké jubah, maké pangsi jeung iket, bari mébérkeun kaén hideung. Kawuwuh ku tangtungan jangkung badag, bréh dina implengan uing, asa nénjo Rakéan Gempong Lotong, ponggawa kapetengan Sang Prabu dina novel Perang Bubat. Dipirig ku gelik rebab. Ang Yuséf. Ngéktingna dienyakeun. “Sampurasuuuunn…!” pokna ngagorowok nukangan nu nongton bari ngageberkeun kaén hideung, nalar fikmin “Nu Sumping Na Tengah Wengi” karya Nana Sukmana. Hirup pisan katénjona, hut-hét pepeta ngajeprut.

Kang Irman ngalacat. Gék diuk, ayem naker. Buuk gondrong, iketna dibeubeurkeun kana tarang. Sampingna disampaykeun dina beuheung. Tegep naker ieu ahli tanaga dalam téh, asa nénjo Kiyai Aang Nuh ajengan hikmat ti Cianjur. Rét neuteup ka hareup, ka lebah Batu Pangeunteungeun, kawas aya nu katénjo. Gorolang maca fikmin “Taneuh Kuburan”, ngedalkeun geter-geterna ka nu tingtrim sumaré mangabad-abad, Putri Citraresmi. Rebab masih ngagelik, Kang Uyuh nu ngésétna peureum beunta di béh tukang, tingsariak.

Kalacat Déwi Ratna Damayanti. Dikabaya bodas, disamping pashmina héjo nu meulit dina cangkéng. Tapi ka handapna dicalana jean. Kontras tapi payus jeung watekna nu ‘kancolah’. Nyurup jeung fikminna nu ‘garalak’. Enya baé, peuting harita gé Maya motah, gogorowokan macakeun fikmin petinganana “Direcah Ajag”. Matak reuwas nu nénjo. Teu nyangka, Maya horéng bisa macakeun karyana ku éksprési dirina nu sahinasna tapi luar biasa. Réngsé éta, Kang Iwan Hanjuang anu naék ka panggung. Béda ti sasari, ayeuna mah teu bari mamawa gitar. Moal henteu éraeun ku karuhun. Piraku kudu ngagembrung hihitaran di hareupeun batu buhun. Tegep pisan da papakéanana ogé, pangsi-kamprét hideung, diiket Baduy, bari nyampaykeun sarung dina beuheung. Gorowok maca fikmin. Daria riukna jeung pepetaanana. Kang Iwan. Peuting harita lain musisi nu kancolah sok nakolan drum jeung simbal, tapi pangarang nu keur nyoarakeun haténa ka balaréa.

Nana Sukmana nu kungsi pok ka uing, majar teu ludeung maca fikmin, harita mah bangun kahudang ku suasana. Koréjat, jén, gorowok maca fikmin. Rada motah deuih, da bari téténjrag sagala rupa. Panggung tepi ka ngagebros. Ditéma ku Téh Tiktik Rusyani. Gék dina biwir panggung. Kalem naker, teu seueur peta, tapi karasa weningna. Tuluy Darpan. Ieu pangarang nu geus lila kasohor ku carpon-carponna nu platonis téh peuting harita gé macakeun fikmin ‘Kebon Awi’, serial fikmin kayasanana. Sanggeus Darpan, tuluy Didin Tulus, Babéh Irawan, jeung Rin Candraresmi. Ang Didin nu tegep diiket, maca henteu loba peta, tapi tetep genah katénjona. Ang Babéh mah rada béda, petana leuwih éksprésif. Matak kayungyun ti harita, basa inyana maca fikmin bari ngadapang di YPK. Rinrin gé kawilang motah, abong tukang ngékting. Atraktif, maké dadapangan sagala di panggung! Rinrin macakeun fikmin Kang Entjép Sunardi — pangarang fikmin nu nuju ginulur bagja, sabab antologi fikminna geus medal jadi buku. Buku fikmin anu munggaran dina sastra Sunda!

Nu lalajo angger hémpak. Damar masih tinggalebur. Angin peuting laun ngahiliwir, sumélékét tina dangdaunan, tina tatangkalan, ti lebah Batu Pangeunteungan. Beuki peuting beuki anteb suasana. Karasa aya nu keur anteng patepung, bihari jeung kiwari! Kalacat Nunu Nazarudin, admin nu munggaran naratas lapak FBS. Jep jarempling. Uing gé tanggah, asa aya nu nyiak. Lain Nunu nu katénjo, tapi hiji lawang gapura, nu muka ngagemblang di kajauhan. Tapi Nunu rinéh naker katénjona. Henteu medar lalakon muka lapak FBS. Kalah ngedalkeun fikmin anyar “Sapada Sajak” nu can dipostingkeun, pokna. Siga kakara harita kapikirna, da bangun ditalar. Ieu fikmin, ceuk uing, karasa nyéngcélakna. Siga lumar! Lumar nu rék pada néangan peuting harita, nu teu kaimpleng biheung di lebah mana ayana. Ungkarana, galur carita jeung suasana, pohara puitikna. Kieu Ang Nunu pokna ngedalkeun éta fikmin:

“Kataji ku tulisan na prasasti, nu batuna diteundeun di alun-alun karajaan, Ki Jangkaru gilig hayang bisa nulis. Manéhna diajar ka Ki Swarna Godisatva. Bujangga nagara. Bubuhan pamuda calakan, Ki Jangkaru téréh pisan bisana. Malah terus meunang pancén ti guruna, nyalin sajak haturkeuneun ka Sang Ratu. Basa guruna ngadeuheus ka karaton, manéhna milu. Bet kalah jiga nu nyiar pipanyakiteun, di karaton parérét jeung mojang nu imutna terus bumetah na pikiran. Ngalangkangan kamana nya ringkang miang. Jadi mangrebu sajak dina lontar nu ngahunyud di kamarna. “Katresna nu pamohalan, tapi agung darajatna, Pitaloka,” gerentesna, basa bulan mabra nyaangan sisi tabet nu arang kasaba jalma. Di dinya manéhna natahkeun sapada sajak na batu, masrahkeun prasasti kingkin ka mangsa nu baris mulasara asihna. Manéhna sorangan laju ngalalana ka jauhna. Batu nu ditinggalkeunana, ratusan taun ti harita, teu eureun ditalungtik ku para ahli aksara kuna, di hiji rohang musieum, nu teu weléh alum….”

Nu nongton surak ngaguruh. Uing ngarahuh. Ngarénghap jero naker. Karasa aya nu nyelek dina tikoro. Tuluy bagéan uing ka panggung, saméméh dipungkas ku Kang Godi. Geus ngageter ti anggalna, ti barang sup ka Astana Gedé. Basa jeg nangtung di dinya gé, gigireun panggung, geus ngahariring baé dina haté, ngalagukeun beluk buhun. Saméméh ngalacat ka panggung, ceg uing nyokot dua damar duwegan. Saharita kapikirna, teu diajam ti anggalna. “Kahaturkeun ieu fikmin ‘Sarébu Lumar’ keur Godi Suwarna!”, cek uing bari nanggeuy damar. Rebab Kang Uyuh nyérését deui ngagerihan peuting simpé. Uing tuluy ngalaeu ngahariringkeun fikmin.

“….aya lumar, lumar ngalempur ‘na batu waktu. Pelak sukmaning karuhun. Ini pakeun urang ngrétakeun bumi lamba. Caang Jalan. Panjang tajur! Jep inyana jempling. Dangdaunan tarumungkul ngabandungan. Akar jeung kalakay taranggah. Ieu lumar terus hurung ti abad ka abad.Ruy di Galuh ray di Pajajaran..Sang amaca maka suka. Sang nurut ma ujar rahayu ngaregep cipta nirmala. Ini kawuwusan siksakandang karesiyan! Jep deui. Leuweung jempling beuki ahéng. Cag lumar ditunda ‘na batu lémpar. Laju renclang nyaliara. Sarébu lumar. Ngempur nandingan purnama! Terus hurung nurut catur. Ang-eung jadi sora di jalan di pasampangan. Hak-heuk jaradi ungkara dina leunjeuran carita. Peuting ieu, rébuan lumar marakbak nyaangan jalan sorangeun. Tinggarenyay jadi kecap jeung kalimah. Ngalempur dina jajantung. Nu laleumpang ‘na muara pajamanan…”

Kang Godi antaré naék ka panggung. Pada nganti ku saréréa. Papakéan sarwa bodas. Gék diuk dina panggung, kacaangan cahya damar reyem-reyem. Kawas supa lumar, cek haté. Salsé nakér katénjona. Saréréa moal henteu ngarep-ngarep Ang Prabu (kitu lalandian conggah ti saréréa) maca fikmin masterpiece-na serial “Tukang Parahu”. Henteu horéng, henteu hayang édun cara ilaharna anjeunna di panggung. Katingalna bangun ukur ngajejeman baé, ngagoongan. Ngajurung nu lian, nu sakitu harédédna maca fikmin. Uyuhan. Tanaga reujeung sorana apan geus dikorédaskeun di luhur panggung Ustrali. Najan kitu, dua fikmin nu dibacana “Dongéng ti Nagri Kedok” jeung “Fatal Atraction” dipirig sora tarompét Kang Uyuh, teu burung nyirep nu nongton. Kang Wawan Husin tuluy nyungsung bari angger nyekel obor kertas nu ngagebur. Ngajak turun ti panggung. Ngarangkul Kang Godi. Ngedalkeun pangwilujeng, “Wilujeng, God! Tilu puluh genep taun Godi makalangan dina sastra Sunda téh, lain waktu nu sakeudeung. Tohaga, God! Pieunteungeun keur nu lian, keur urang-urang!”

Acara maca fikmin lekasan. Saréréa cengkat, ngabring deui ka tempat séjén. Kang Uyuh nu keur bébérés pada ninggalkeun. Luak-lieuk tingsariak, asa aya nu marengan, cenah. Kang Irman gé sarua, tadi basa keur maca fikmin, ti lebah Batu Pangeunteungan sidik pisan aya némbongan samar-samar. Ngan inyana sorangan nu nénjo. Pameunteuna semu ngempur cahayaan, disiger emas semu héjo, tinggurilap. Nyerangkeun ka panggung.

Panggung geus kosong, simpé, pada ninggalkeun. Tapi asa kadéngé kénéh sora nu ngaliuh di dinya, tuluy ngaweuhan hawar-hawar ka jauhna. Uing ngaléngkah, milu ngaleut deui jeung nu lian. “Di mana ayana supa lumar téh? Naha urang bakal manggihan?” Ceuk nu tinggerendeng tukangeun. Uing jempling sajajalan. Mapay jalan nu ngembat dina poékna peuting, ka ditu ka palebah Cikawali…***

[alert style=”white”]referensi: http://www.pikiran-rakyat.com/node/196065[/alert]