Bus asup ka situs Astana Gedé. Bras anjog ka tabét leuweung karamat Surawisésa. Jalma-jalma nu tadi gumuruh di luar, jep jarempé bangun kasima ku leuweung nu canéom geueuman. Ukur tingharéwos, silih tuyun silih séréd. Aya hawa nu nyaksrak saawak-awak. Asa cunduk ka bihari. Asa aya nu narangtung tanpa wujud. Nareuteup ngabagéakeun, di lebah saung-saung Cungkup nu hening jarempling. Nu apal mah tangtu moal bireuk deui. Terang lebah-lebahna. Tah, lebah dinya aya Linggabingba atawa Batu Panyandaan. Lebah ditu Linggahiang, Batu Eunteung, Batu Palinggih, Batu Tapak jeung Batu Prasasti. Kabéh minangka titinggal, nu jejem nyidem sajarah.

Ka dinya digiringna ku panitia, ratusan jalma nu rék milu ‘nyiar lumar’ téh, ka puseur tabét nu dilingkung batu-batu buhun. Dua acara poko digelar di dinya, Tawasulan jeung Maca Fiksimini dina tempat anu misah, rada paanggang. Tawasulan minangka adat tatali paranti, sanduk-sanduk ka karuhun nu sumaré di Astana Gedé, sangkan pamaksudan lungsur-langsar.

Di tengah jalan pantia méré isarah, misahkeun rombongan. Réngréngan fikminer ti Bandung mah tuluy dipéngkolkeun, sina langsung ngajugjug panggung nu husus disadiakeun ku pantia pikeun acara maca fiksimini. Jog ka hiji lahan. Bréh panggung agréng pisan. Panggung kai nu undak-undakan, diréka pohara artistikna. Lével undakna dibungkus ku kaén satén, semu ngempur ngaborélak. Dina latar tukangna, kénca-katuhu, aya gugunungan sarua tina kaén satén. Ngahapit lampion nu ngagantung di béh tengah. Aya kaén beureum dua kebat. Aya obor, lilin beureum, jeung damar-damar duwegan nu harurung di panggung jeung sakurilingna. Komaraan. Dangiangan. Panggung pangistiméwana ceuk uing mah, tina sakabéh panggung nu aya dina Nyiar Lumar ayeuna.

Balaréa nu haladir hémpak dariuk hareupeun panggung. Sawaréh narangtung di gigir, kénca-katuhu. Rempeg pisan, malah rada pasesedek. Awor antara para pangarang fikmin jeung tatamu nu rék ngadon lalajo. Loba di antarana para mahasiswa ti fakultas sastra nu haladir téh, para seniman, aktivis téater, jeung wartawan. Ari ti kalangan sastrawan, nu minangka kawilang senior, salian ti Kang Godi Suwarna téh aya Kang H.Usép Romli HM deuih, pangarang anu kakara kaayeunakeun kataji milu nulis fiksimini. Kaméra vidéo geus sayaga deukeut panggung. Ti Radar TV jeung Galuh TV cenah nu ngahaja ngaliput. Tegep, cek haté, ieu acara bakal aya dokuméntasina. Ukur saratus urang kira-kira para fikminer nu hadir bisa nyaksian éta acara. Tapi dokuméntasina bakal bisa dilalajoanan ku 2.953 anggota FBS jeung nu liana.

Maca fikmin can prung dimimitian. Aya haréwos ti panitia, majar kudu nunggu réngsé heula nu tawasul. Panggung kosong, tapi angger dangiangan. Damar renclang, hurung tinggalebur ngaliarkeun haseup hideung. Kalacat Kang Uyuh ka panggung, mawa rebab, suling, jeung tarompét. Teu apal naha diharéwosan ku pantia atawa caang haté baé, hayang ngahirupkeun suasana. Nu puguh barang kadéngé sada rebab melas-melis, kaayaan sabudeur panggung ahéng naker karasana. Nu ngarebab ngeluk tungkul. Kang Uyuh. Bangun ngemat sora lawas nu ngagelik lalaunan. Sora buhun nu nyérését ti dasaring batin. Aeu-aeu…dina lelembutan uing bet asa ngadéngé sora beluk ngalanglaung ti jauhna, biheung ti lebah mana.

Keur kitu jol saabringan panitia nu dijarubah bodas cunduk, tas tawasulan. Jen nu nyekel iteuk Kembang Cakra nangtung rada anggang ti panggung. Ka dinya uing mah nénjo téh, ka palebah kembang cakra. Asa teu seubeuh neges-neges. Wangunna buleud maké eluk kembang sahinasna, bodas nyacas, di tengahna aya tanda cakra. Kawas eunteung disidik-sidik mah. Eunteung ti bihari nu jadi pangeunteungan kiwari. Paeunteung-eunteung di dieu. Bihari jeung kiwari. Rét deui uing kana kembang cakra, lambang kaagungan Nagri Galuh, rét ka panggung keur macakeun fiksimini, bet tuluy inget kana komén Kang Tatang Sumarsono, “sina pateungteung antara bihari jeung kiwari” cenah. Hanjakal Kang Tatang bet teu nyaksian kaayaan ayeuna, cek haté. Di dieu di tempat karamat, nu dilingkung Linggahiang jeung Batu Eunteung, tempat reureuh Prabu Linggabuana jeung Putri Citraresmi, rék dibacakeun fiksimini. Rék disorakeun wangun anyar sastra Sunda nu keur melentis laun-laun, rék hirup ngigelan abad kiwari.

Henteu ukur dilataran ku tempat karamat. Saméméh prung maca fiksimini, aya pedaran sajarah Galuh jeung peristiwa Perang Bubat. Pa Daday nu ngaguarna, sesepuh urang dinya, kuwu manten di Kawali. Kaasup acara poko dina saban Nyiar Lumar medar sajarah Galuh téh. Nu dipalar sangkan nu cunduk ka situs henteu ukur nénjo batu tingjarentul. Nanging terang kumaha lalakon baheula. Sajarah nu natrat tur aya tapakna dina batu prasasti: “Nihan tapa kawali nu siya mulya tapa bagya. Prébu Raja Wastu mangadeg di kuta kawali nu mahayu na kadatuan Surawisésa. Nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sagala désa. Aya ma nu pandeuri pakéna gawé rahayu, pakeun heubeul jaya di buana.” Ti dinya mata holangna, tina aksara nu natrat dina Prasasti Kawali, pedaran Pa Daday téh. Henteu papanjangan, diala tingkesna baé. Nyaritakeun Prabu Wastu Kancana nu ngaheuyeuk Nagri Galuh, sanggeus ramana Prabu Linggabuana, Citaresmi, jeung para prajuritna tariwas di tegalan Bubat. “Tah lebah dinya lebu sucina dipendem. Maranéhna tiwas nandonkeun raga, pikeun mélaan kahormatan nagri Sunda.” Pa Daday mungkas pedaran. Deg aya nu neumbag kana angen.

Kalacat Dadan Sutisna ka panggung. Kang Wawan Husin nu ti barang jol lir kasima ku hawa panggung, kaciri bangun kebek rarasaan. Leuleumpangan. Sut ngadurukan kertas. Gur seuneu dina kertas, digigiwing. Ang Abu Ainun ngajanteng bari memener fokus kaméra. Hareupeun panggung, Kang Godi, Kang Usép Romli, Kang Entjép Sunardi, jeung para fikminer séjénna geus dariuk saregep. Ngong Dadan, muka jeung ngajejeran acara. Teu papanjangan. Nétélakeun naon ari fiksimini sabéngbatan, tuluy nataan saha-sahana nu rék midang maraca fikmin di panggung. Yuséf Muldiyana nu dihaturan pangheulana. Ngahaja, kitu badami ti anggalna, sangkan aya daya tarik keur nu nongton. Ang Yusép aktor téater sohor, matak deungdeuleueun basa harita ngajeprut maca fikmin di YPK. Enya baé ngalacat ka panggung téh matak colohok nu nénjo. Papakéan tegep naker. Maké jubah, maké pangsi jeung iket, bari mébérkeun kaén hideung. Kawuwuh ku tangtungan jangkung badag, bréh dina implengan uing, asa nénjo Rakéan Gempong Lotong, ponggawa kapetengan Sang Prabu dina novel Perang Bubat. Dipirig ku gelik rebab. Ang Yuséf. Ngéktingna dienyakeun. “Sampurasuuuunn…!” pokna ngagorowok nukangan nu nongton bari ngageberkeun kaén hideung, nalar fikmin “Nu Sumping Na Tengah Wengi” karya Nana Sukmana. Hirup pisan katénjona, hut-hét pepeta ngajeprut.

Kang Irman ngalacat. Gék diuk, ayem naker. Buuk gondrong, iketna dibeubeurkeun kana tarang. Sampingna disampaykeun dina beuheung. Tegep naker ieu ahli tanaga dalam téh, asa nénjo Kiyai Aang Nuh ajengan hikmat ti Cianjur. Rét neuteup ka hareup, ka lebah Batu Pangeunteungeun, kawas aya nu katénjo. Gorolang maca fikmin “Taneuh Kuburan”, ngedalkeun geter-geterna ka nu tingtrim sumaré mangabad-abad, Putri Citraresmi. Rebab masih ngagelik, Kang Uyuh nu ngésétna peureum beunta di béh tukang, tingsariak.

Kalacat Déwi Ratna Damayanti. Dikabaya bodas, disamping pashmina héjo nu meulit dina cangkéng. Tapi ka handapna dicalana jean. Kontras tapi payus jeung watekna nu ‘kancolah’. Nyurup jeung fikminna nu ‘garalak’. Enya baé, peuting harita gé Maya motah, gogorowokan macakeun fikmin petinganana “Direcah Ajag”. Matak reuwas nu nénjo. Teu nyangka, Maya horéng bisa macakeun karyana ku éksprési dirina nu sahinasna tapi luar biasa. Réngsé éta, Kang Iwan Hanjuang anu naék ka panggung. Béda ti sasari, ayeuna mah teu bari mamawa gitar. Moal henteu éraeun ku karuhun. Piraku kudu ngagembrung hihitaran di hareupeun batu buhun. Tegep pisan da papakéanana ogé, pangsi-kamprét hideung, diiket Baduy, bari nyampaykeun sarung dina beuheung. Gorowok maca fikmin. Daria riukna jeung pepetaanana. Kang Iwan. Peuting harita lain musisi nu kancolah sok nakolan drum jeung simbal, tapi pangarang nu keur nyoarakeun haténa ka balaréa.

Nana Sukmana nu kungsi pok ka uing, majar teu ludeung maca fikmin, harita mah bangun kahudang ku suasana. Koréjat, jén, gorowok maca fikmin. Rada motah deuih, da bari téténjrag sagala rupa. Panggung tepi ka ngagebros. Ditéma ku Téh Tiktik Rusyani. Gék dina biwir panggung. Kalem naker, teu seueur peta, tapi karasa weningna. Tuluy Darpan. Ieu pangarang nu geus lila kasohor ku carpon-carponna nu platonis téh peuting harita gé macakeun fikmin ‘Kebon Awi’, serial fikmin kayasanana. Sanggeus Darpan, tuluy Didin Tulus, Babéh Irawan, jeung Rin Candraresmi. Ang Didin nu tegep diiket, maca henteu loba peta, tapi tetep genah katénjona. Ang Babéh mah rada béda, petana leuwih éksprésif. Matak kayungyun ti harita, basa inyana maca fikmin bari ngadapang di YPK. Rinrin gé kawilang motah, abong tukang ngékting. Atraktif, maké dadapangan sagala di panggung! Rinrin macakeun fikmin Kang Entjép Sunardi — pangarang fikmin nu nuju ginulur bagja, sabab antologi fikminna geus medal jadi buku. Buku fikmin anu munggaran dina sastra Sunda!

Nu lalajo angger hémpak. Damar masih tinggalebur. Angin peuting laun ngahiliwir, sumélékét tina dangdaunan, tina tatangkalan, ti lebah Batu Pangeunteungan. Beuki peuting beuki anteb suasana. Karasa aya nu keur anteng patepung, bihari jeung kiwari! Kalacat Nunu Nazarudin, admin nu munggaran naratas lapak FBS. Jep jarempling. Uing gé tanggah, asa aya nu nyiak. Lain Nunu nu katénjo, tapi hiji lawang gapura, nu muka ngagemblang di kajauhan. Tapi Nunu rinéh naker katénjona. Henteu medar lalakon muka lapak FBS. Kalah ngedalkeun fikmin anyar “Sapada Sajak” nu can dipostingkeun, pokna. Siga kakara harita kapikirna, da bangun ditalar. Ieu fikmin, ceuk uing, karasa nyéngcélakna. Siga lumar! Lumar nu rék pada néangan peuting harita, nu teu kaimpleng biheung di lebah mana ayana. Ungkarana, galur carita jeung suasana, pohara puitikna. Kieu Ang Nunu pokna ngedalkeun éta fikmin:

“Kataji ku tulisan na prasasti, nu batuna diteundeun di alun-alun karajaan, Ki Jangkaru gilig hayang bisa nulis. Manéhna diajar ka Ki Swarna Godisatva. Bujangga nagara. Bubuhan pamuda calakan, Ki Jangkaru téréh pisan bisana. Malah terus meunang pancén ti guruna, nyalin sajak haturkeuneun ka Sang Ratu. Basa guruna ngadeuheus ka karaton, manéhna milu. Bet kalah jiga nu nyiar pipanyakiteun, di karaton parérét jeung mojang nu imutna terus bumetah na pikiran. Ngalangkangan kamana nya ringkang miang. Jadi mangrebu sajak dina lontar nu ngahunyud di kamarna. “Katresna nu pamohalan, tapi agung darajatna, Pitaloka,” gerentesna, basa bulan mabra nyaangan sisi tabet nu arang kasaba jalma. Di dinya manéhna natahkeun sapada sajak na batu, masrahkeun prasasti kingkin ka mangsa nu baris mulasara asihna. Manéhna sorangan laju ngalalana ka jauhna. Batu nu ditinggalkeunana, ratusan taun ti harita, teu eureun ditalungtik ku para ahli aksara kuna, di hiji rohang musieum, nu teu weléh alum….”

Nu nongton surak ngaguruh. Uing ngarahuh. Ngarénghap jero naker. Karasa aya nu nyelek dina tikoro. Tuluy bagéan uing ka panggung, saméméh dipungkas ku Kang Godi. Geus ngageter ti anggalna, ti barang sup ka Astana Gedé. Basa jeg nangtung di dinya gé, gigireun panggung, geus ngahariring baé dina haté, ngalagukeun beluk buhun. Saméméh ngalacat ka panggung, ceg uing nyokot dua damar duwegan. Saharita kapikirna, teu diajam ti anggalna. “Kahaturkeun ieu fikmin ‘Sarébu Lumar’ keur Godi Suwarna!”, cek uing bari nanggeuy damar. Rebab Kang Uyuh nyérését deui ngagerihan peuting simpé. Uing tuluy ngalaeu ngahariringkeun fikmin.

“….aya lumar, lumar ngalempur ‘na batu waktu. Pelak sukmaning karuhun. Ini pakeun urang ngrétakeun bumi lamba. Caang Jalan. Panjang tajur! Jep inyana jempling. Dangdaunan tarumungkul ngabandungan. Akar jeung kalakay taranggah. Ieu lumar terus hurung ti abad ka abad.Ruy di Galuh ray di Pajajaran..Sang amaca maka suka. Sang nurut ma ujar rahayu ngaregep cipta nirmala. Ini kawuwusan siksakandang karesiyan! Jep deui. Leuweung jempling beuki ahéng. Cag lumar ditunda ‘na batu lémpar. Laju renclang nyaliara. Sarébu lumar. Ngempur nandingan purnama! Terus hurung nurut catur. Ang-eung jadi sora di jalan di pasampangan. Hak-heuk jaradi ungkara dina leunjeuran carita. Peuting ieu, rébuan lumar marakbak nyaangan jalan sorangeun. Tinggarenyay jadi kecap jeung kalimah. Ngalempur dina jajantung. Nu laleumpang ‘na muara pajamanan…”

Kang Godi antaré naék ka panggung. Pada nganti ku saréréa. Papakéan sarwa bodas. Gék diuk dina panggung, kacaangan cahya damar reyem-reyem. Kawas supa lumar, cek haté. Salsé nakér katénjona. Saréréa moal henteu ngarep-ngarep Ang Prabu (kitu lalandian conggah ti saréréa) maca fikmin masterpiece-na serial “Tukang Parahu”. Henteu horéng, henteu hayang édun cara ilaharna anjeunna di panggung. Katingalna bangun ukur ngajejeman baé, ngagoongan. Ngajurung nu lian, nu sakitu harédédna maca fikmin. Uyuhan. Tanaga reujeung sorana apan geus dikorédaskeun di luhur panggung Ustrali. Najan kitu, dua fikmin nu dibacana “Dongéng ti Nagri Kedok” jeung “Fatal Atraction” dipirig sora tarompét Kang Uyuh, teu burung nyirep nu nongton. Kang Wawan Husin tuluy nyungsung bari angger nyekel obor kertas nu ngagebur. Ngajak turun ti panggung. Ngarangkul Kang Godi. Ngedalkeun pangwilujeng, “Wilujeng, God! Tilu puluh genep taun Godi makalangan dina sastra Sunda téh, lain waktu nu sakeudeung. Tohaga, God! Pieunteungeun keur nu lian, keur urang-urang!”

Acara maca fikmin lekasan. Saréréa cengkat, ngabring deui ka tempat séjén. Kang Uyuh nu keur bébérés pada ninggalkeun. Luak-lieuk tingsariak, asa aya nu marengan, cenah. Kang Irman gé sarua, tadi basa keur maca fikmin, ti lebah Batu Pangeunteungan sidik pisan aya némbongan samar-samar. Ngan inyana sorangan nu nénjo. Pameunteuna semu ngempur cahayaan, disiger emas semu héjo, tinggurilap. Nyerangkeun ka panggung.

Panggung geus kosong, simpé, pada ninggalkeun. Tapi asa kadéngé kénéh sora nu ngaliuh di dinya, tuluy ngaweuhan hawar-hawar ka jauhna. Uing ngaléngkah, milu ngaleut deui jeung nu lian. “Di mana ayana supa lumar téh? Naha urang bakal manggihan?” Ceuk nu tinggerendeng tukangeun. Uing jempling sajajalan. Mapay jalan nu ngembat dina poékna peuting, ka ditu ka palebah Cikawali…***

[alert style=”white”]referensi: http://www.pikiran-rakyat.com/node/196065[/alert]